Jumat, 10 Agustus 2012

PUISI BASA SUNDA

"SANAJAN JAUH TAPI HATE DEKET"

Kieu geuning ari hate,
Najan aya dinu rame,
Rarasaan mah asa jempe,
Nunggeulis teu bisa dipalire,

Jauh ti anjeun,
Culang cileung asa keueung,
Di dayeuh jiga di leuweung,
Baluweung loba malaweung,

Duh jungjunan,
Pilakadar anggang,
moal jadi panghalang,
cinta pageuh nyancang,
Ngan anjeun nu dipikahayang,,,,,,,,,


"DIDIEU KURING NANGTUNG"

Didieu mangsa ka tukang
kuring nangtung..

Nitenan endahna alam priangan
lembur nu singkur, tengtrem karaharjaan
di luhur gunungna, dina legok landeuhna
ku herang caina, ku loba laukna
geledegan tangkalna, recet manukna
piit leutik dina luhur tangkal kai
nitenan pucuk awi singgarupay
mapag mangsa isuk isuk

Didieu mangsa ayeuna
kuring nangtung..

Nitenan robahna alam priangan
gunungna geus di tugaran
tangkalna geus di tuaran
caina mimita beak, laukna paeh sakarat
piit leutik dina luhur tangkal kai
nitenan pucuk awi ting garupay
semu sedih tur nalangsa
ku rusakna alam priangan

Didieu kuring nangtung...
Lembur priangan lembur kuring
karang panineungan, deudeuh teuing endahna
lembur geus semu udar ka silib ku zaman..

Kalipandan,
11 Agustus 2012

__b4lak4c1da



karya :kang wawan setiawan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar